"Galura SMAVET 2006"

"motto hidup seorang asep sutarya"

"Tiada Hari Tanpa Ibadah"
"Manfaatkanlah Hidupmu Untuk Kebaikan Karena Hidup Hanya 3 Hari, (Kemarin, Hari ini, Esok)
"Hidupku Untuk Allah, Hidup Mulia Atau Mati Syahid"
"Ikutilah Jejak Rosulallah Sebagai Pedoman Langkah Hidup Kita"

"Usaha Tanpa Do'a Bagai Berjalan Tanpa Kaki"
"Sahabatku Semangatku"




Halaman

jika ada hal perlu di pertanyakan silahkan kirim persan ke asepsutarya@gmail.com. Diberdayakan oleh Blogger.

Arsip Pemilik

Sabtu, 14 Mei 2011

Biantara Basa Sunda


Assalamu’alaikum warrohmatullahi wabarokatuh
Alhamdulillahilladzi hada nalihadza wamakunna linahtadiya laula anhadanallah, asyhadualla ilaha illah wa asyhaduanna muhammadan ‘abduhu warosuluhulladzi la nabiyya ba’dah, robbisyrohli sodri wayasirli amri wahlul’ukdatammilisaniyaf qohuqouli. Amma ba’du.
Bapa miwah ibu girang pangajen hormateun simkuring, hadirin anu sami linggih dina ieu pasamoan, puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu maha suci anu maha welas tur nu maha asih henteu aya pilih kasih ka sugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mangrewu-rewu nikmat ka urang sadayana. Kunikmat sareng hidayah manteNA dina danget ieu simkuring tiasa silaturrahmi, patepung lawung patepang raray dina raraga “Lomba Biantara basa Sunda”.
Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun kajungjunan urang sadaya nabi panungtung anu nyandak obor kaimanan pikeun umatna, nyatana Nabi Muhammad SAW. ka KulawarginNA, para SohabatNA katut ka urang sadaya salaku umatNA., amin Ya Allah yarobbal’alamin…
Langkung tipayun nepangkeun simkuring wasta Pun (..Nami..), siswa/I Kelas.. (..sakola..). alhamdulillah dina danget ieu simkuring tiasa ngiring aub janten patandang dina ieu lomba biantara basa sunda.
Dina ieu waktos simkuring bade nyobi medar perkawis ngeunaan ngamumule basa dinu tema “Ngagunakeun basa sunda dina kahirupan kiwari”, mugia aya mangfaatna kanggo ngamumule akar budaya urang, budaya sunda anu katingalna beuki dieu teh asa beuki kadeseh bae ku budaya deungeun, sok padahal geus lain rusiah deui mun bangsa nu maju teh, bangsa nu ngakar kana budayana, lantaran budaya nu pageuh bisa dijeun tatapan nu weweg pikeun ngahontal kamajuan bangsa.
Hirup jeng mekarna kabudayaan salawasna luyu jeung pangabutuh masyarakatna, tangtu wae dina kemekaranana oge baris kapangaruhan ku kaayaan lingkungan jeung paneka jaman, lamun urang nyoreang katukang yen basa sunda teh mangrupakeun basa buhun anu kudu dimumule ku urang sunda lantaran basa sunda mah leber ku kabeungharan kecap jeung paribasana tibatan basa lian na, hal ieu dijadikeun  pangbeda yen basa sunda mangrupakeun basa anu langka, tah ku kalangkaana eta salaku urang sunda geus jadi kawajiban urang pikeun miara tur ngamumule basa sunda, ulah nepi ka basa deungeun di ulik-ulik ka basa sorangan dipohokeun, apanan basa teh cicirena bangsa? Lamun teu ku urang dimumule arek ku saha deui? di jaman kiwari loba kolot-kolot urang diantarana  anu di lembur ngaku urang sunda tapi ngajarkeun kabudakna basa-basa menak disoledat, hiji conto aya idung nyarita kabudakna, “Sayangku bebi  jangan nangis minta uang yah dedy kamu lagi neangan uang dulu” ceuk budakna, “emang kamana dedyna kitu mih?, jawab indungna, “lagi macul dulu ngabedug ka haji kosim” tuuuh nya…apanan  eta teh salah sahiji conto, ciri yen basa lamun geus digalo-galo kitu apanan ruksak kaditunage, eta conto teh ku urang ulah diturutan lantaran bakal ngaruksak ka tatapan basa nu ahirna pondasi kabudayaan sunda bakal nugar kusalirana, aluk mah hayu urang sami-sami mumule basa sunda pikeun kamekaran kabudayaan urang sunda, dikawitan di ayeuna kapayun hayu urang anggo basa sunda dina kahirupan kiwari urang sadidinten kalayan basa anu sae tur santun supaya merenah dina manah, herang ngagenclang dinu pangreungeu. Ulah gengsi make basa sunda dijaman kiwari, lain ulah ngulik basa jeung kabudayaan deungeun etage hade tapi kudu heulakeun heula kabudayaan urang samemeh budaya batur..
Bapa miwah ibu girang pangajen anu di pihormat, rupina henteu panjang anu kapisanggem, harepan urang mugia naon wae anu dipedar ku simkuring sing aya mangfaatna kanggo urang sadaya.
Basa teh cicirena bangsa, mun rumasa urang sunda pake basa sunda dinas kahirupan kiwari pikeun tetep miara jeung ngamumule budaya urang nyatana budaya sunda. Sakitu anu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah langkung saur bahe carekna neda di hapunten.
Boboko eusi kalapa
Ninggang kana pileuitan
Abdi bogoh tradisi sunda
Sieun nepi kaleungitan

Dahar liwet reujeung peda
Sambelna, sambel tarasi
Mun rumasa urang sunda
Piara basa jeung tradisi

Saninten buah saninten
Dibawa kaparapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan.

0 komentar :

About us

Common

FAQ's

FAQ's

© 2011-2014 BERANDA SASTRA KEHIDUPAN. Designed by Bloggertheme9. Powered by Blogger.